Senin, 21 Maret 2011

ngemban pancen

angin isuk- isuk nu nyelecep kana tulang
halimun nu ngadingding sapanjang jalan,
jalan nutarahal, nanjak mudun, arula arileu,
kalan- kalan dipapag ku monyet- monyet nu turun gunung ngajejer sisi jalan
nambahan kawegah dina jero dada, tapi. . .
kumaha da geus tugas nu kudu dijalankeun,
pancen nu kudu dilaksanakeun,
tanggung jawab nu kudu di estokeun,
teu meunang wegah, teu meunang embung, komo jeung ngamomorekeun mah
kawajiban ngemban tugas ti nagara
ngabingbing, ngatik, ngadidik, sirung- sirung bangsa
ngamajukeun dunya pendidikan
kobarkeun sumanget nu ngagedur
doa jeung harepan nyuluhan sumanget
mudah- mudahan Alloh ngaridoan.Amin

4 komentar:

  1. ma'an najah (Bersama kesuksesan)
    semoga sukses bu. Amin
    semoga Allah memudahkan urusan ibu.

    BalasHapus
  2. iya bu menjalan amanah insya Allah mendapatkan pahala, jika itu dengan ikhlas dan niat yang tulus

    BalasHapus
  3. amin. Insyaallah ini juga berkat do'a semua.trima kasih buat semuanya

    BalasHapus