Minggu, 02 Oktober 2011

tambah ngalamun

CENAH

Baheula cenah jadi pejabat teh genah
bisa paparentah ka bawahan,
aya kahayang kari menta ka anak buah
atawa ka jalma-jalma nu perlu tanda tangan'
cenah
jadi pejabat lubak libuk teu ka lebok
bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah,
moal kadahar ku tujuh turunan

singhoreng simanahoreng
geuning jadi pejabat jaman kiwari mah
ngabandunganna ge matak lieur, kesel, ambek ,karunya pagalo jadi hiji
nu bener ku benerna diomongkeun ,
dieundeuk eundeuk sina turun
digogoreng, dipitnah malah dipateni karakterna
geus puguh nu teu bener mah
digogoreng ka tai - tai ngorana
singhoreng kabeungharanna teh meunang korupsi,
lubaklibuk teu kalebok teh teu meunang ku dokter
da loba kakeunaan ku panyakit,loba ni dipantang

kiwari
loba penjahat jadi pejabat
pejabat leuwih loba nu jadi penjahat
hayu urang geura istigfar
karunya ka anak turunan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar