Rabu, 14 September 2011

haliwir angin harepan

Haliwir angin harepan

Mangsa nyoreang ka tukang
Poe ieu mangsana ninggang dina tepung taun
teu karasa umur ngurangan ti taun ka taun
asal tina jagjag waringkas jadi rempo
asal tina ningali jelas jadi paor
asal tina kulit kenceng jadi kendor
asal tina ngomong bentes jadi balelol
asal tina pangreungeu jelas jadi kuranng kareungeu
tapi sok sanajan kitu tangtu aya alusna
mudah-mudahan dina nambahna umur
urang kudu inget kana umur nu ngurangan
urang pasti bakal inget waktu nu terus ngurangan
urang tinangtu bakal leuwih ngagunakeun waktu
urang kudu leuwih bijaksana dina ngalengkah
urang leuwih toweksa ngajaga paripolah
leuwih ati-ati dina ngajaga diri
leuwih leket dina ibadah
Insyaallah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar