HYMNE SDN 1 CIBODAS
Rumpaka: Tatan Sontani, Ama.Pd
Tempat endah panineungan
Waktu kuring keur diajar
Di SDN Cibodas hiji
Mata genah tumaninah
Liuhlinduh ku tatangkalan
Bugenvil panghudang rasa
Rasa endah pamandangan
Ngahias buruan sakola
Di dinya kuring nungtut elmu
Sangka hirup teu kaliru
Di dinya kuring diajar
Pibekeleun urang jaga
Pangwangunan nu kiwari
Jadi ciri nu mandiri
Hayu urang dukung urang rojong
SDN Cibodas hiji
Ngaraos reueus ,ku kaparigelan ibu pupuhu dina ngalola sakola, tos katinggal majengna ,sakola anu lami dikantun rada kakantun, cariosna bae sakola ageung namung dugi kaayeuna teu acan gaduh hymne sakola,asa sirik ah
BalasHapussok atuh geura ngadamel pan seueur guru nu potensi kantun ngajakna. wilujeng ngemut
BalasHapus