Jumat, 20 Mei 2011

HYMNE SDN 1 CIBODAS

HYMNE SDN 1 CIBODAS

Rumpaka: Tatan Sontani, Ama.Pd

Tempat endah panineungan

Waktu kuring keur diajar

Di SDN Cibodas hiji

Mata genah tumaninah

Liuhlinduh ku tatangkalan

Bugenvil panghudang rasa

Rasa endah pamandangan

Ngahias buruan sakola

Di dinya kuring nungtut elmu

Sangka hirup teu kaliru

Di dinya kuring diajar

Pibekeleun urang jaga

Pangwangunan nu kiwari

Jadi ciri nu mandiri

Hayu urang dukung urang rojong

SDN Cibodas hiji

2 komentar:

  1. Ngaraos reueus ,ku kaparigelan ibu pupuhu dina ngalola sakola, tos katinggal majengna ,sakola anu lami dikantun rada kakantun, cariosna bae sakola ageung namung dugi kaayeuna teu acan gaduh hymne sakola,asa sirik ah

    BalasHapus
  2. sok atuh geura ngadamel pan seueur guru nu potensi kantun ngajakna. wilujeng ngemut

    BalasHapus